Ngamimitian


Dina rarangka ngamumule budaya Sunda, abi salaku urang Sunda bade nyobian nyerat dina blog ieu bade nganggo Basa Sunda, tos lami abi teu nyerat dina ieu blog, sanes teu aya ide kanggo diseratkeun dina ieu blog, namung kumargi waktu nu aya dianggo kanggo kagiatan anu sanes.
Dina panarawangan sim kuring, dina kaayaan jaman ayeuna jajaka sareng mojang ayeuna langka  anu nganggo Basa Sunda dina kagiatan sapopoe, boh ngobrol sareng batur saulinan atawa ka kolot. Barudak jaman ayeuna nyangka yen ngagunakeun Basa Sunda teh kampungan, komo deui lamun make Basa anu lemes atau buhun sok disaleungseurikeun ku batur mah. Unduk usuk basa anu nyieun riuet make basa sunda teh, ayeuna mah tong waka mikiran heula kana unduk usuk basa, namung ayeuna nu kedah dipikiran teh nyaeta nguatkeun deui semangat para barudak ngora pikeun make basa indung.
Inget keneh pas abi nuju budak, nu diajarkeun ku kolot teh basa anu lemes, tapi jaman ayeuna kolot - kolot ngajarkeun make basa sunda, lain ngalarang make basa Indonesia, tapi nu kudu diperhatikeun teh ayeuna Basa Sunda geus ka ancam ek jadi basa punah (language dead).
Amit - amit lamun basa Sunda jadi euweuh nu make, eta teh kaendahan anu teu kanilai hargana, lamun heunteu urang anu ngamumule, saha deui anu ngamimitian? Salaku warga sunda, urang sunda asli anu lahir ditatar sunda, urnag kudu mertahankeun kaayan di kampung urang.
Di gambarkeun dina salah sahiji lagu band death metal asal Bandung dina laguna "Kujang Rompang" anu disadur tina Naskah Amanat Galunggung, Rakeyan Darmasiksa, Raja Sunda ( 1175 M -1297 M ).
anu eusina jiga kieu:
Panceg dina galur
Salawasna akur jeung dulur
Panceg dina galur
Babarengan  ngajaga lembur
Panceg dina galur
Moal ingkah najan awak lebur


tidinya geus jelas ditulis, yen urang teh kudu ngajaga lembur, ngajaga lembur didieu bisa ngandung arti oge ngamumule basa Sunda, sim kuring mah rek jujur, sim kuring teu bisa make Basa Sunda anu bener anu persis saperti undak usuk basa anu aya, jujur teu bisa pisan nulis make huruf Sunda, da rumasa teu diajarkeun di sakola. Lamun lain urang salaku urang Sunda, rek saha deui?

Bandung Berisik

Yeah. Here I am. Come back with a lot of stories that I made.
This is it.
headbang